Ieu kaca geus divalidasi
tangtu nu jadi wargi
nyaahna jadi satuhu
eta kitu biasana
nu jadi sepuh mah galih
ulah pisan nembongkeun nu matak sungkan
Ari sajaba ti eta
teu kedah panjang wiwincik
naon nu matak sugema
ngabungahkeun para ahli
supaya senang ati
sing bisa tulung-tumulung
boh ku dunya boh ihtiar
supaya salamet diri
nu kasebut kana jalan kasaean
Ayeuna bade ditutup
ka sadaya anu nguping
ka nu pada ngaluuhan
pameget sinareng istri
sing tiasa tinekanan
nya ieu pun anak yakti
Pidu.ana nu sakitu
mugi diijabah Gusti
salamet dunya aherat
ti lahir dugi ka batin
ulah aya kakurangan
rumah tanggana sing mukti
Sumangga ayeuna atuh
sing pada sami-sami
ngadu'akeun sadayana
sim kuring bade meredih
mangga urang sasarengan
maos Fatihah sakali
270