Lompat ke isi

Kaca:Puisi Sawer Bahasa Sunda.djvu/280

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

No: 11

Penggubah: Maemunah;(P)

Umur  : 47 tahun

Pekerjaan  : Guru SD dan juru sawer

Tempat: Cirebon


  1. Kidung nu jadi kawitan
    minangka pamuka jalan
    jalan keur nganasehatan
    ka nu mentas dirapalan

  2. Dangukeun ku sadayana
    ku panganten duanana
    sugan jadi mangpaatna
    aya pulunganeunana

  3. Awit panganten istrina
    Eulis cunduk ka waktuna
    ninggang mangsa nu utama
    teu aya wagelanana

  4. Danget ieu didahupkeun
    kulawargi dikempelkeun
    anu tebih dicaketkeun
    maksadna kangge nyaksikeun

  5. Eulis tos gaduh panutan
    masing layeut sabeungkeutan
    lamun rek indit-inditan
    ulah tinggal ti pamitan

  6. Upama rek nyanyabaan
    caroge teu ngawidian
    ulah maksa miheulaan
    sok matak papaseaan

  7. Lamun istri luas-leos
    indit henteu paramios
    ngaranna teu sapagodos
    caroge meureun teu raos

  8. Mun keur mendak kakirangan
    omat ulah ngaderingan
    ka caroge sok mundungan
    eta teh lampah larangan

  9. Najan dahar karo seupan
    ka caroge tetep sopan
    da eta nu ngempan-ngempan
    .nu mangmikirkeun tilepan

  10. Mun pareng ageung rijkina
    sing bisa ngeureut miceunna
    istri anu ngabagina
    kedah emut ka ahirna


  11. Mun istri teu ngajeujeuhkeun
    pangala sok diseepkeun
    teu aya nu disesakeun
    ngaranna tamplok batokeun

  12. Pan istri teh padaringan
    tong mawa karep sorangan
    kedahna sabilulungan
    ambeh dipakaya dangan

  13. Kudu ngaku ka baraya
    ti ibu sareng ti rama
    kitu deui ti mertua
    ulah rek dibeda-beda

  14. Ka batur kudu someah
    tata basa anu ngeunah
    mbeh loba nu mikayaah
    hirup kumbuh tumaninah

271