Lompat ke isi

Kaca:Puisi Sawer Bahasa Sunda.djvu/281

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
  1.  Ngurus caroge sing suhud
    ka sepuh kudu sumujud
    tebihkeun roman jamedud
    eta teh bibitna gujrud

  2. Komo mun geus rumah tangga
    masing-masing pangaboga
    kudu leuwih nya ngajaga
    silih geuing jeung tatangga

  3. Adat ulah timburuan
    ka caroge maseaan
    puguh mah entos kumpulan
    disangka tos teu kantenan

  4. Pameget man enggon leumpang
    jeung rencang milari luang
    istri ulah sok kumapang
    malah tara muka lawang

  5. Lamun istri adat kitu
    awet rajet anu tangtu
    caroge teh ngagurutu
    pikir ka ieu ka itu

  6. Sipat istri ka caroge
    poma ulah ngamomore
    atawa ngajore-jore
    pan lumayan rencang sare

  7. Mun caroge ngabenduan
    poma ulah ngawanian
    sok bilih kapapanjangan
    da ke ge liren sorangan

  8. Pan caroge teh panutan
    istri wajib ngahormatan
    mun sumping angkat-angkatan
    karingetna disusutan

  9. Tos salse teras sadia
    tuangeun saaya-aya
    nandakeun istri satia
    pikir henteu pasalia

  10. Brak tuang balakecrakan
    duaan teh sukan-sukan
    istri nyodorkeun masakan
    jeung heureuy silih delekan

  11. Lamun istri manah rupek
    sanajan sayagi mekprek
    tuangna teh tereh sesek
    padahal hanjakal nyedek

  12. Ningal peta nu nyuguhan
    bet geuning henteu uyahan
    teu surup jeung mamanahan
    sok hayang-indit nyingkahan

  13. Mun rumah tangga tos mampuh
    niat deuk gegel ka sepuh
    pacuan ulah salingkuh
    jadi istri kedah ampuh

  14. Tong sepi babadantenan
    jeung caroge sauyunan
    sangkan gegel teh mangpaat
    dituangna ge masalahat

  15. Ka istri sakitu heula
    moal bade lila-lika
    bilih matak ngarasula
    henteu loba nu kaala

  16. Ayeuna ka carogena
    moal rek dibina-gina
    bade sami ngawelingna
    sangkan saluyu jalanna

272