Lompat ke isi

Kaca:Puisi Sawer Bahasa Sunda.djvu/282

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
  1.  Anjeun tos kagungan istri
    titis tulis Maha Suci
    putra ngadahup ka putri
    sing pageuh kawas dipatri

  2. Ka istri kudu ngaheman
    mangkade aya jeruman
    eta teh goda siluman
    anjeun kedah tetep iman

  3. Ulah bosen mapatahan
    tapi basana milihan
    ulah mere kasedihan
    ka istri bilih nyalahan

  4. Sing landung aisanana
    sarta lega sagarana
    kudu gede hampurana
    supaya awet jodona

  5. Upama rek nganasehat
    carita anu pasehat
    pilih ulah kecap jahat
    matak teu jadi masalahat

  6. Jeung istri silih hormatan
    silih ma'lum kalepatan
    sangkan tebih pipirakan
    malah raket kawas ketan

  7. Adat ulah rek kumaki
    tong kena jadi lalaki
    rasa anjeun jadi joki
    emut bakal aki-aki

  8. Mun umur tepi ka sepuh
    anjeun pasti panggih ripuh
    lumaku jadi teu mampuh
    cing saha nu baris nempuh

  9. Mun ku urang ditelekan
    nu nempuh teh pamajikan
    sanajan sok ngadelekan
    tapi tetep ngabelaan

  10. Da meureun dina pikirna
    ngemutkeun purwadaksina
    emut keur pada anomna
    tangtos sami ngaraosna

  11. Mangkade ulah ngalantur
    ekol jeung bohong diatur
    ka bojo mah tutur-tutur
    tas rapat jeung pada batur

  12. Adat kitu mo jamuga
    pakaya teu kaur boga
    matak isin ku tatangga
    kaduhung mah pasti jaga

  13. Lamun istri kalepatan
    ulah gugup ngabenduan
    anggur geura dideukeutan
    barabat dinasehatan

  14. Istri teh didama-dama
    diwuruk anu utama
    ulah ingkar ti agama
    Islam nu langkung utama

  15. Dina waktos bade sare
    maos bismillah salawe
    mbeh kenging turunan sae
    kenging putra hade hate

  16. Lamun tos gaduh turunan
    anjeun jadi pupuhunan
    putra putu ngarajenan
    perjodoan tambah aman

273