Putra cekap tilu bae
seueur teuing mah barabe
kanggo nolak nu teu sae
mangga geura lebet kabe
Margi eta parantos sah
pangaturan pamarentah
urang henteu kedah sesah
tos aya jalan nu genah
Hirup teh kedah iatna
laku lampah nu sampurna
sangkan sugema hirupna
sareng tebih balaina
Jeung batur silih geuingkeun
ulah sok silih gorengkeun
atawa sok ngistorikeun
sumawonna nyilakakeun
Jeung bangsa kudu ngahiji
pikiran kudu diaji
ulah lirca kana jangji
lempeng siga angka hiji
Sanajan misah golongan
uang hirup sasarengan
ulah nyongcolang sorangan
siga nu aing-aingan
Lamun urang kumawula
pacuan ulah bahula
bosenan jeung ngarasula
matak teu kapake lila
Saniskanten perjalanan
laku lampah jeung omongan
osok aya nu nitenan
masarakat ngabandungan
Lamun hirup lampah serong
pasti diri teh dirongrong
masarakat pada merong
geus badan teh jadi perong
Anu awon kalakuan
najan rasa bubunian
laun-laun kanyahoan
da Allah teu ngawidian
Manawi sing ati-ati
sing luhur budi pekerti
tindak-tanduk tata-titi
jalankeun anu tarapti
Komo ayeuna merdeka
ulah rek angkara murka
sirik musrik jeung deleka
ahirna matak cilaka
Namung sakitu piwulang
mangga ku aranjeun selang
mun kenging mah ulah hilang
lumayan baris pangilang
Nunuhun ka nu Kawasa
maparinan rahmat rasa
diri urang teh diraksa
tebihkeun nu baris nyiksa
Amin ya robal alamin
mugi Gusti nangtayungan
Kaca:Puisi Sawer Bahasa Sunda.djvu/283
Pidangan
Ieu kaca geus divalidasi
274
