Lompat ke isi

Kaca:Puisi Sawer Bahasa Sunda.djvu/284

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
No. : 12
Penggubah : Abah Sarkam ; (L)
Umur : 60 tahun
Pekerjaan : Juru sawer
Tempat : Cirebon

Audzubillah himinasy syaitonnir rojim
Bismillahir rohmanir rohim
pun sapun ka luhur ka sang rumuhun
ka handap ka sang betara.
sang betara sang betari, betari nagara haji
batara nagareja
maap agung ka sadaya
abdi nyuhun pangapunten
abdi bade nyawer heula
nu ngadangu tah kieu pokpokanana

  1. Rarepeh pameget istri
    kaula rek ngawurukan istri
    ngawuruk terus jeung santr
    supayajadi nyi mantri

  2. Ruring isin mah kantenan
    ku sadaya nu mayunan
    disebatkeun nanaonan
    malikkeun ambatanan

  3. Tapi neda suka lila
    da ieu rek nyawer heula
    sukakeun pada kaula
    sakieu da moal Lila

  4. Kaluar nu sakieu mah
    padamelan nu di imah
    makaya da lain eumali
    ngalap ganjaran walimah

  5. Ulah kapalang nya sae
    kuring tara unggal poe
    ti dieu kieu sagawe-gawe
    ngan saayeunaeun bae

  6. Jeung ieu ueap-ueapan
    lain heureuy karesepan
    mun leukeun ngalalantipan
    liasilna antep-antepan

  7. Pulunganeun kolot ngora
    beunang ngabanding jeung sara
    keur mereskeun ka salira
    peupeurih ngahaja lara

  8. Santen burek ngadangukeun
    bawaning ku tara leukeun
    euruk bae didumpelkeun
    kana kuping teh eoeokkeun

275