Ya Alloh anu Kawasa
nu maparin ni'mat rasa
muga-muga ka ati manusa
Aung-agung pangapunten
ka panganten nu saranten
arimankeun nu maranten
pitutur sae teu kinten
Bisi tacan pada harti
anu kurenan sok pasti
nimuna lulus tarapti
kudu siking bela ati
Nineung ulah pasalia
sing kahade awas waluya
lamun pakia-kia
temen pasalia tea
Najan aya kurenaneun pacang-kadan
jadi urang senang-senang badan
kagok siling baeudan
Taya bedana narungtut
senang-senang samiuk patut
rejeki mah nuturkeun nungtui
moal datang ngaburusut
Mun istri aya luputna
mun pameget sing hade darna
mun pameget urang hina
nu istri kudu wayahna
Hiap-hiap ka dieu istrina
kuring ngawuruk pangheulana
nyai sing hade namapana
wuruk ibu mari sirna
Rekak polah ka salaki
nyai poma ge renced ge
disundakeun digawe oge
kana parentah salaki
Naon bae nu dipardihkeun
sing tumut bisa lampahkeun
kų pangersa lampahkeun
ulah mungpang ngaborongkeun
Mun kasimpingan tatamu
sing lingger ulah kamumu
Sing elingkeun sing ngalemah
yen salaki keur patimah
ulah roh sabab percumah
hawatir tinggal di imah
Geura sok ngagaraleuh bako
bari lenggah nyieun roko
pihapekeun ajangkeun ka jongko
keus nambah-nambah jeung
meuli boboko
Tatana sumping salaki
balang wah batan loba rejeki
geuwat buru taki-taki
sing tarima jadi koki
Usum ngaladenan neda
sing lingger ulah leleda
boga pagawean tunda
nyambel kade bisina lada
Sumawonna usum makaya
ngahadepkeun ka sadaya
caringcing saaya-aya
kumaha bisana tea
Kaca:Puisi Sawer Bahasa Sunda.djvu/285
Pidangan
Ieu kaca geus divalidasi
276
