Samangsana nu dahar ponyo
tara beunang dibebenjo
ulah jauh keur sibanyo.
matak nampeu nu rek ponyo
Jeung lamun angkat-angkatan
masing bareng sani'matan
kade ulah sasabutan
jeung istri layar babatan
Tapi jot ti panyabaan
ulah lila kalilaan
liwat ti pasejaan
bisi manggih pacelaan
Ka salaki masing kukuh
tekad ati masing pengkuh
ka baraya ulah angkuh
tatapi ulah salingkuh
Lamun nyai barangbikeun
anu patut dirangkepkeun
poma ulah disidemkeun
memeh pok ku dibejakeun
Ambeh ka nu diberena
dialuskeun duanana
malikkeun nyai asihna
nu diarah ti bawahna
Salaki moal ngeunaheun
pantes bae rek gareuleuheun
ngadekul sok mamanahan
Maneh lamun barangbere
hayang mikeun samping pare
salaki tara dipalire
lain salah jore-jore
Sanajan mere ka indung
yen melid sumput salindung
tangtu salaki teh pundung
sok loba nu silih tundung
Lain owel ku pamere
ngan ku ngabahananana
ngan hayang alus manahna
salaki tetep gorengna
Ku eta mah geus kamanah
di mana salaki ngeunah
kagungan garwa karinah
melid teh salat pitenah
Sakitu eta ingetan
eta ge gaduh pungutan
teu ngarasa diseungitan
tara sieun kapelitan
Geus tamat wuruk istrina
hiap-hiap kari pamegetna
euleuh-euleuh sateuacanna
ieu keur kasep tetep salatna
Sok bapa mere luang
tapi ge ngan omong doang
da bapa teu boga uang
nyaah mah saawang-awang
Eneng sing harti kacida
boga kabeubeurat banda
eneng bareto ngaduda
taya nu nyimpenan banda
Sing tangginas nyaring manah
ulah kajongjonan ngeunah
kudu leukeun ngolah tanah
tuncab-tanceb anu ngeunah
Kaca:Puisi Sawer Bahasa Sunda.djvu/286
Pidangan
Ieu kaca geus divalidasi
277
