Sanajan suka nya matuh
sing nyaho dipangabutuh
eneng garwa teh sing lintuh
genteng-genteng ulah runtuhIlang bara nyukup sepuh
maneh bae masing lintuh
sepuh mah da tacan ripuh
masih keneh jagjag timpuhNaon bae babalantik
ngarah sautak-saeutik
ngukut hayam ngukut itik
eukeur meuli samping batikAri lampah jeung mertua
samemeh tacan sawawa
kudu saregep sanyawa
ulah rek asa jeung boaPapageran pakarangan
kurad-kored ngalenangan
montong ngantep pawiranganMasing bere ulah umpet
kolot boga lalahan nampeu
ulah magah kupa-keupeu
habek pelakan ku sampeuSaenyana lain heureuy
lain heureuy melak roay
melak hui meureun ngareuy
marek katuang kateureuyNu .umrah di pipir imah
pigeusaneun pager imah
sing bisa nyuguhan ka semahKa bojo sing aya harga
mun lulus siar oncogan
ulah kapira jeung raga
aya-aya moal ngadugaUlah barangasan teda
saeutik-eutik sok kagok
sok loba nu ting garewok
sok loba nu siling dabokSaniskara pacabakan
da kudu jeung pamajikan
nu nguruskeun parab hakan
nu matak ngejo ngasakanBangsa urang leuleutikan
terangkeun ka pamajikan
ulah salingkuh tiktikanKa bojo yen memelid
tangtuna sekelit manah
nurut anggur sulit
anjogna papelit-pelitJadi masing-masing ajang
lumpat ka lalaki sejen
da urang teu ngajen-ngajenDa asup kana pitnah
bojo teh papatih goah
nu nguruskeun eusi goah
lalaki nu purah ka sawahMun maneh dipangrucahkeun
ati maneh ditangtukeun
nyerina kabina-bina
moal aya papadana
kudu resik sakituna
Kaca:Puisi Sawer Bahasa Sunda.djvu/287
Pidangan
Ieu kaca geus divalidasi
278