Lompat ke isi

Kaca:Puisi Sawer Bahasa Sunda.djvu/288

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
  1. Mun hayang dipipisahkeun
    ulah geuwat diturutkeun
    kudu tahan direureuhkeun
    sing beak beuweung utahkeun

  2. Unggal pos ngalenggerek
    samar gawe geus tamat
    muruk digirat

  3. Ngan kari ngadua arab
    tapi entong bangsa arab
    da Gusti nu matak serab

  4. Sugih mukti loba milik
    kuat ngahormat nu calik
    bisa mekelan nu balik
    nu miskin henteu kacalik

  5. Hade budi jeung pangapih
    jeung tatangga runtut rapih.
    mugi-mugi sing bisa ngiriman ka
    sepuh

  6. Ka nu deukeut oge heman
    mugi-mugi tetep kaislaman
    maot muga mawa iman

  7. Da Gusti nu sipat geten
    abdi nyanggakeun panganten

  8. Eukeurna di alam dunya
    mugi Gusti nu Maha Mulya
    sing katurut ku pakaya
    sing jauh balai beya

  9. Mugi-mugi dipaparin tenggang
    sugan nyandang bati dagang
    kuat nulung anu anggang

  10. Lah ieu salaki jeung bojo
    masing bur beureum bur hejo
    loba ketan loba kejo
    kolotna sing ngeunah nenjo

  11. Kuring nyawer teh geus cape
    ngan sakitu bae jempe
    sugan sakitu ge sampe.
    lumayan keur baris kope

  12. Sabab lamun papanjangan
    geus nguruwuk patuangan
    ngarep-ngarep pamasangan
    kuring isin ku ondangan

  13. Mangga atuh pribumi
    ieu panganten geus lami
    geura cajikkeun di bumi
    dina amparan nu resmi

  14. Ti dieu kakara tamat
    wallohu alam
    manawi cekap mung sakitu
    kidung sawer panganten ti abah
    Sarkam

279