No. | : | 13 |
Penggubah | : | Ibu Aeih; (P) |
Umur | : | 70 tahun |
Pekerjaan | : | Juru sawer |
Tempat | : | Subang |
Astagfirullohaladim, astaglirullohaladim
Asyhadu anla ilaha illalloh, waasyhadu anna muhammadarrosululloh
Audzubillahi minsyaiton nirrojim, bismillahir rohmanir rohim
sahadu sahadat Patimah
binti Rosululloh juhro yakarim
tahruju mun kudrotullohi
kang minang kalintang
agama kang den ratu wadon dunya aherat
Patimah mulih ti mana
ti kudrotulloh
naon nya bawa, sahadat jeung iman
naon tandana, sabar jeung darana
satetes saking rohani
saking madep ingkang jati
si nyai ratuning istri
Patimah weruh timpuh
erbulloh laksanira
panutup pangancing
dikancing ku Rosululloh
Lailalia illalloh, muhammadarrosululloh
Alhamdulillah Nyai Ujang
aveuna ku Ema bade disawer
mudah-mudahan sing janten jalmi anu mangpaat
sing alus cinta ka ibu rama, taat kana agama
sakumaha parentah nagara
sing tiasa ngalaksanakeunana
sumawonna mun tiasa takwa ka Alloh SWT.
Pun sapun amit ampun
ka nu kagunga lembur
amit ka nu kagungan bumi
tabe ka nu kagungan bale