Lompat ke isi

Kaca:Puisi Sawer Bahasa Sunda.djvu/290

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

    maap ka juranganana
    nu calik jadi canoli
    nu aya di papajangan
    neda ampun nya paralun
    neda panjang nya hampura
    rek mapatkeun jampe nyawer
    rarepeh istri pameget


  1. Ieu rek ngawuruk putri
    piwuruk terus jeung santri
    kana manahna nyi putri
    supaya jadi pamatri

  2. Kuring isinna kantenan
    ku sadaya nu mayunan
    disebatkeun nanaonan
    ngalilakeun amatanan

  3. Tapi neda suka lila
    kapan kudu nyawer heula
    nyukakeun pada kaula
    sakieu mah moal lila

  4. Ngaluangkeun sakieu mah
    padamelan nu di imah
    mokaha da lain cumah
    ngalap ganjaran walimah

  5. Ulah kapalang nya sae
    urang tara unggal poe
    di dieu kieu nya gawe
    ngan saayeunaeun bae

  6. Ieung ieuh ucap-ucapan
    sanes heureuy karesepan
    masing leukeun ngalantipan
    hasilna antep-antepan

  7. Pulunganeun kolot ngora
    meunang ngabanding jeung sara
    peupeuriheun ngahaja tara

  8. Hanas gure ngadangukeun
    bawaning ku tara leukeun
    eta curuk didumpelkeun
    kana cepil dicocokkeun

  9. Ya Alloh anu Kawasa
    nu maparin ni'mat rosa
    mugi ieu paribasa
    nyangsangkeun ati manusa

  10. Baeu bangkeut nu saranten
    nu mahal ti batan inten
    darangukeun ku maranten
    aya pitutur sakinten

  11. Bisi tacan pada ngarti
    anu kurenan teh pasti
    nimbulkeun lulus tarapti
    ku silih beuli ati

  12. Tina ulah pasalia
    sing sapagodos waluya
    lamun pakia-kia
    sok remen pasea tea

281