Lompat ke isi

Kaca:Puisi Sawer Bahasa Sunda.djvu/291

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
  1. Najan aya kajegudan
    purunan jeung pacengkadan
    tangtu urang emut badan
    sundel ku silih baeudan

  2. Taya bayana narungtut
    dina samiuk sapztut
    rijki mah nuturkeun nungtut
    moal datang ka barutut

  3. Mun bojo kalulupatan
    nu pameget kudu wayahna
    mun pemeget bareng sirna
    nu istri kudu wayahna

  4. Hiap ka dieu istrina
    urang wuruk pangheulana
    nyai sing hade nampana
    wuruk ibu rama sirna

  5. Tingkah polah ka caroge
    poma nyai sing rancage
    dipiwarang age-age
    tunda keur digawe oge

  6. Masing bisa titip diri
    ambeh sepuh suka seuri
    lampah ulah nganyenyeri
    sepuh sok milu teu ari

  7. Sumawonna aya tamu
    sing hade pase semu
    nulak lingsem sakatimu
    ambeh pameget teu nyemu

  8. Sumawonna rek lumaku
    naon candakeun nu baku
    sodorkeun ka gigir pangku
    ulah uyup-ayap kaku

  9. Tatana sumping salaki
    sumawonna nyandak rijki
    geuwat buru taki-taki
    sing narima jadi koki

  10. Sing alus ngaladenanana
    sing singer ulah leleda
    boga pagawean tunda
    nyambel kade bisi lada

  11. Kumadepan ulah leya
    caringcing saaya-aya
    kumaha biasa tea

  12. Jeung elingkeun ngalenah,
    mun caroge keur sepi mah
    ulah rek nyaba percumah
    pelesir tinggal ti imah

  13. Jeung lamun angkat-angkatan
    kudu beres jeung pamitan
    istri mali leler bebetan
    tatana di panyabaan
    bisi manggih panyandaan
    liwat tina pasejaan

  14. Eujeung lamun barangbikeun
    anu patut diregepkeun
    mangga sok kudu bejakeun
    ulah tuluy disidepkeun
    jadi Nyai teh ninggalkeun
    ngan nyai nu diomongkeun
    caroge nu diawonkeun
    eujeung lamun barangbikeun

  15. Samping duit pare
    caroge teu dipalire
    lain salah jore-jore

282