Lompat ke isi

Kaca:Puisi Sawer Bahasa Sunda.djvu/292

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
  1. Sanajan mere ka indung
    yen meulit sumput salindung
    tangtu caroge teh pundung
    sok loba nu silih tundung

  2. Lain owel ku merena
    ngan ku ngabongohanana
    sok hayang hade manehna
    caroge tetep gorengna

  3. Ku eta mah geus kamanah
    di mana pameget ngeunah
    kagungan garwa ngareunah

  4. Eta mah nhya sakitu kaingetar
    eta mah gaduh panutan
    teu ngarasa diseungitan
    tara nyieun kapelitan

  5. Geus tamat wuruk istrina
    yap ka dieu pamegetna
    euleuh-euleuh bet ngadeukeutar
    keur kasep tetep saratna

  6. Seug Ibu merean luang
    tapi ngan omongan doang
    nyaahna saawang-awang

  7. Agus sing ngarti kacida
    kapengker Agus ngaduda
    ayeuna mah enggeus beda
    boga kabeubeurat dada

  8. Sing tangginas nyaring manah
    ulah kajongjonan ngeunah
    kudu leukeun ngolah tanah
    tuncab-tanceb anu ngeunah

  9. Sapancong suk nya matuh
    sing nyaho ka pangabutuh
    Agus jeung garwa sing lintuh
    genteng-genteng ulah runtuh

  10. Kilang bara ngipuk sepuh
    maneh-maneh sing mampuh
    da Ibu mah tacan ripuh
    masih keneh jagjag timpuh

  11. Hanteu ngaborong-borongkeun
    Pangeran mah naon bae pangaturan
    da aya opat lantaran
    nu matak wareg dadaharan

  12. Boh tani boh jual meuli
    boh mangkat milampah kuli
    boh nyantri ngawuruk ahli
    ngestokeun piwuruk wali

  13. Lamun loyog kana tani
    mugi sing wekel barani
    sing mukti datang ka uni
    nyukup indung bapa nini

  14. Sing jadian pepelakan
    nyukup pake nyukup hakan
    masing aya kaundakan
    boga kuda.tutumpakan

  15. Loba duit loba pare
    seueur ketan seueur cere
    ka baraya kuat mere
    di dunya tiis nya sare

  16. Lamun lohog kana dagang
    mugi dipaparin senang

283