Lompat ke isi

Kaca:Puisi Sawer Bahasa Sunda.djvu/293

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

    kuat mais kuat manggang

    bisa neundeun bari dagang


    1. Masing bisa bibilintik
      dina jalanan balantik
      mangpaat modal saeutik

    2. Modalnamugi diriksa
      ku Pangeran nu Kawasa
      bibit hayam bibit itik
      keur ngurus poleng jeung batik

    3. Ari lampah jeung mertua
      samemeh tacan sawawa
      kudu saraga sanyawa
      ulah dek asa jeung boga

    4. Papager ngan pakarangan
      kurad-kored ngalenangan
      sing boga pikir sorangan
      montong ngantos piwarangan

    5. Masing beger ulah kumpeu
      kolot boga lahan nampeu
      ulah ugag-eugeug eupeu
      habek pelakan ku sampeu

    6. Saenyana lain heureuy
      melak jaat meureun ngareuy
      melak roay meureun raweuy
      meureun katuang kateureuy

    7. Da lumrahna di sisi mah
      kudu leukeun ngolah lemah
      pigeusaneun boga imah

    8. Ka boojo kudu nyukakeun
      ulah kumaki mebeskeun
      ngahayu jeung nhapirakeun
      sok ngawewenang malikeun

    9. Tina kudu matak aneh
      barangpenta kudu rineh
      mawa ngomong kudu rineh
      amih lulus diri maneh

    10. Ulah barangasan nyogok
      sautak-saeutik haok
      jadi matak ngagok-ngagok
      ana kapongpongan mogok

    11. Samangsa bojo ngabugeug
      urang ge tangtu sinigeug
      hayang sampeu geus ngabigeug
      kop sowet kosong euleugeug

    12. Da kudu jeung pamajikan
      metakeun baranghakan
      nu purah ngejo jeung ngisikan
      bangsa urang leuleutikan
      bere beja pamajikan
      ulah sok malik tiktikan

    13. Ka garwa papelit-pelit
      tangtu sundel nyungkelit
      manah tungtungna ngurihit

    14. Jadi masing ijen-ijen
      ngupat jeung lalaki sejen
      tuluy menta dipahijen
      ka urang jadi teu ngajen

    15. Tah kitu bisi teu nyaho
      mangkahade ulah poho
      kudu bawa sakanyaho
      anjogna silih dodoho

    16. Jeung ulah sok mangduakeun
      ka diri maneh eunteupkeun

    284