mun maneh dipangduakeun
ati maneh ditangtukeun
Nyerina kabina-bina
peurih taya papadana
awewe ge moal bina
kudu rajin sakituna
Jeung ulah sok nganyenyeri
saleuheung ku rijki kari
ngan sok miduakeun janari
Kuring iwawer teh geus sampe
lumayan keur baris kope
Eujeung lamun papanjangan
kuring isin ku ondangan
geus nguruwuk patuangan
Mangga tuh pribumi
ieu panganten geus lami
geura calikkeun ka bumi
geura amparan nu resmi
Asup bayu ku kurungan
|
Alus teuing layung bumi
hatur kembang galing muntang
ieu samping giringsing wali
karembong modang caracas
raksukan tambur katunear mawur
Wur siang kalayungan
tutut gunung keong reuma
sumangga mah-sumangga mah
deuh Nyai geura caralik
Sok hayang mah nya Encep
peuyeum Pagaden
dikatukan dikaeangan
sok hayang peureum panganten
dikasuran dikasangan
Ulah sok ngabotol limun
engke ge bulan puasa
ulah sok getol ngalamun
engke ge moal ku saha
|
No. : 14
Penutur : 1. Memed Hambali (L)
2. M Nasrudin (L)
Pekerjaan : Tani; guru agama
Tempat : Bogor
Bismillah damel wiwitan
mugi Gusti nangtayungan
Eulis Eneep nu rendengan
mugia ksalametan
Saiamet nu pangantenan
ulah aya kakirangan
|
sing tiasa sasarengan
sangakan jadi kasenangan
Sing senang laki rabina
nu diwuruk pangpayunna
nya eta bade istrina
masing dugi ka hartina
|