Hartikeun Eulis ayeuna
lebetkeun kana manahna
manawi aya gunana
nu dipamrih mangpaatna
Mangpaatna lahir batin
Eulis teh masing prihatin
ayeuna aya nu mingpin
ka caroge masing tigin
Tigin Eulis kumawula
ka raka ulah bahula
bisi raka meunang bahla
kudu bisa silih bela
Silih bela jeung caroge
ulah ngan pelesir bae
mending oge boga gawe
ngarah rapih unggal poe
Repeh rapih nu saimah
rumah tangga tumaninah
tapi lamun loba salah
laki rabi moal genah
Bisi teu genah ku raka
prak wae wakca balaka
lamun raka goreng sangka
buru bawa suka-suka
Suka-suka ti ayeuna
da Eulis atos laksana
ngajodo anu sampurna
ngahiji salalamina
Salamina sareng dulur
Eulis kudu bisa akur
akuran ka unggal lembur
sangkan jadi buah catur
|
Mun catur sing seueur bukur
ulah ngan kalah ka saur
napsuna ulah takabur
hirup resep loba batur
Sareng batur kudu jujur
layeut reujeung nu sakasur
runtut raut salelembur
nagara ge subur mamur
Subur mamur sauyunan
mun aya tamu payunan
tapi ulah timburuan
bok bilih silih benduan
Ngabenduan ka caroge
ngan ulah pasea bae
enggal atuh geura hade
ambeh geugeut unggal poe
Saban poe ulah lali
titih rintih suci ati
tembongkeun sing bear budi
ciri nyaah ka salaki
Lalaki mun sok nyandung
omat ulah waka pundung
komo lamun bari bingung
keun antep sina ngaberung
Ngaberung tong dihalangan
asal cukup sandang pangan
sina lilir ku sorangan
sangkan panggih kasenangan
Senangkeun Eulis pikiran
pikiran didadasaran
tukuh muntang ka Pangeran
supaya meunang ganjaran
|