Ganjaran ti Maha Suci
enggal atuh geura tampi
ayeuna Eulis ngahiji
sakapeurih sakanyeri
Sakanyeri jeung salaki
mun Eulis seueur rejeki
poma ulah sok kumaki
masing tumut ka salaki
Tumutkeun Eulis ayeuna
ayeuna tos laksana
laksana datang jodona
hate bangblas lalugina
Lugina dunya aherat
Gusti maparin rahmat
kana waktu ulah elat
disarengan silih hormat
Silih hormat ka sasama
sing nyaah ka ibu rama
lakonan parentah agama
tangtuna hirup sugema
Sugema hirup di dunya
nya eta kudu tatanya
rek nanya pek ka nu enya
badanna buru ditanya
Tanya bae ka hatena
tah eta pikeun hatena
saksi diri pribadina
nu tara jalir jangjina
Mun jangji anu ngajadi
eta jangji anu pasti
pasti jodo ti ajali
pikiran cengeng ka Gusti
|
Gusti mah teu weleh nyaksi
nyaksi gerentesna ati
ucap lampahna kasaksi
satincak-tincakna ngarti
Hartikeun masing karaos
ulah luas-luis-leos
sumawonna poporongos
pilari jalan nu raos
Raoskeun jaga ku Elis
Eulis ulah sok gumeulis
najan geulis baris ledis
ninggang kana titis tulis
Titis tulis bagja diri
patokan nu ti ajali
kajeun siga widadari
da moal beunang dibeuli
Dibeuli ku harta banda
da moal bisa kajaga
nu tangtu bakal ngaduda
nyicingan di alam baka
Alam baka kalanggengan
langgeng rasa ka Pangeran
supaya ulah rayungan
ngabogaan papalangan
Boga rasa kudu ngarti
tata-titi surti ati
kudu siloh beuli ati
pikiran dadamelan Gusti
Gusti Allah nu Kawasa
ngayakeun dunya tiasa
pepek eusi dunya rosa
sayagi pikeun manusa
|