Lompat ke isi

Kaca:Puisi Sawer Bahasa Sunda.djvu/297

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
  1. Manusa mahluk pnjulna
    palinter pangabisana
    ngakalan eusi dunyana
    nu kantun tumarimana

  2. Tumarina ka Pangeran
    tumutkeun kana dawuhan
    Qur'an hadis tuduh jalan
    ti para nabi panutan

  3. Panutan urang sadaya
    poma ulah rek cangcaya
    sadaya kudu percaya
    ka Gusti Allah nu Mulya

  4. Mulyana nu Maha Agung
    sing saha bae ditulung
    ku bumi alam dijungjung
    nyaahna kaliwat langkung

  5. Nyaah bae nu Kawasa
    ka masing-masing manusa
    ulah dir gagah perkosa
    bisi urang loba dosa.

  6. Dosa mah ti pada jalmi
    welas asih ka sasami
    micinta ka lemah cai
    layeut jeung batur sabumi

  7. Sing layeut laki rabina
    ulah aya kuciwana
    silih antuer kahayangna
    akur reujeung barayana

  8. Mun akur ka sadayana
    tembongkeun budi basana
    nu bener tingkah polahna
    supaya hirup sempurna

  9. Sampurna Euis ayeuna
    yap ka dieu pamegetna
    bapa bade ngawurukan
    diregepkeun ku asepna

  10. Regepkeun teh ku hatena
    bapa mepelinganana
    tadina Asep ngaduda
    ayeuna mah gaduh garwa

  11. Sareng garwa kedah layeut
    sing geugeut sacara leugeut
    poma ulah pikir heureut
    sangkan silih pikameumeut

  12. Mikameumeut sareng bojo
    laksana Asep ngajodo
    tapi lamun ngabobodo
    bojo moal mikasono

  13. Mun sono Asep ka istri
    sing pageuh saperti patri
    campur gaul sareng santri
    kalayan ati nu suci

  14. Nu suci pasti beresih
    tara aya nu dipamrih
    ka bojo teu weleh asih
    sagala sareng pamilih

  15. Pilih ku Asep ayeuna
    nya pek tanya ku hatena
    nu goreng jeung nu hadena
    sing karasa ku dirina

  16. Diri pangasih Gustina
    Gusti mah moal nyiksana
    moal bae ngaganjarna
    kumaha bae amalna

288