Amal hade tangtu genah
laki rabi tumaninah
lamun amal anu salah
jaga baris nyorang susah
Susah lamun teu ngarobah
nu ngajak ngarah ngarinah
napsu nu mawa sarakah
pek atuh pake ibadah
Mun ibadah anu tangtu
bagikeun ka nu pihatu
mikeunna tong ragu-ragu
bilih istri janten bendu
Bendu istri Asep bingung
ulah waka sok ditundung
lamun istri terus pundung
pangmeserkeun geulang kalung
Geulang kalung serba sae
enggal atuh geura pake
dianggena unggal poe
nu kantun pelesir bae
Pelesir Eulis ka Kota
tah bawa duit sajuta
mun aya kahayang menta
tapi ulah lahuta
Lahuta aya kahayang
nyariosna ngagorolang
nu bakal moal kasorang
pikir nu mawa bingbang
Bingbang bongan sok sulaya
mikahayang nu teu aya
ahirna pakia-kia
ngajauhan ka baraya
Baraya lamun ngahiji
eta nu langkung utami
hubungan anu sajati
ngariung sapara wargi
Wargi Asep sadayana
sakitu mikadeudeuhna
barungah dina manahna
nu janten ibu ramana
Ibu rama ngiring doa
Asep ngagaduhan garwa
istrina lamun satia
hiji bae tong ngadua
Ngadua gaduh istrina
moal beres salamina
pakucrut rumah tanggana
mun teu cocog jeung agama
Era atuh ku tatangga
sapopoe ngan pasea
ku istri dipingewa
ku tatangga dilelewa
Lamun boga harta banda
sing kuat nahan gogoda
bisi kagoda ku randa
pikir heula jero dada
Pikir Asep sing waspada
supaya teu ngarasula
mun keukeuh pikir midua
akibat jadi pasea
Pasea jeung pamajikan
napsu setan barangasan
teu ngajadi kauntungan
tetep dina krugian
Kaca:Puisi Sawer Bahasa Sunda.djvu/298
Pidangan
Ieu kaca geus divalidasi
289
