Lompat ke isi

Kaca:Puisi Sawer Bahasa Sunda.djvu/299

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
  1. Rugi lamun ngumbar napsu
    napsu pangajak nu palsu
    ngarajing ngajadi asu
    nu tangtu badan kalangsu

  2. Kalangsu bongan sorangan
    osok daek ririungan
    mimitina heuheureuyan
    dina tempat pamaenan

  3. Maen/dadu maen kartu
    eleh imeunang tacan tangtu
    mun meunang udud surutu
    mun eleh ngobral sapatu

  4. Ngobral baran gkamewahan
    harta banda dijualan
    di imah awut-awutan
    lebur ancur bebeakan

  5. Beak duit dipikiran
    eleh maen kalawahan
    tapi keukeuh panasaran
    napsu teu beunang ditahan

  6. Ditaha henteu katahan
    dipikir terus-terusan
    datang napsu panasbaran
    setan iblis ngadeukeutan

  7. Setan nu ngajak jarambah
    nu mawa kana sarakah
    dipake kana awuntah
    disorang napsu nu rucah

  8. Rucahna antep-antepan
    teu ngareret rerencangan
    cicing dina palacuran
    teu inget ka pamajikan

  9. Pamajikan teu direret
    duit metet dina dompet
    tapi mere kekerehet
    ku tarik-tarikna pelet

  10. Kapelet ku pamakena
    pabeulit pikiranana
    teu karasa ku dirina
    diumbar bae napsuna

  11. Napsuna mangprung ngaberung
    teu aya anu dirarung
    miboga rasa adigung
    tungtungna ripuh jeung bingung

  12. Bingung bongan osok salah
    teu bisa nahan amarah
    jangji ka batur sok gaplah
    teu inget kana papatah

  13. Papatah ti para sepuh
    ulah boga rasa angkuh
    mun jangji kudu sing tukuh
    ucap lampah masing ampuh

  14. Masing ampuh ti ayeuna
    sing bisa mawa hirupna
    jauhkeun napsu gorengna
    deukeutkeun napsu hadena

  15. Deudeuh teuing putra ibu
    omat tong ngalajur napsu
    ulah maen lacur ngadu
    mun bener nyaah ka ibu

  16. Nyaah deudeuh mikasono
    diri pola kangge conto
    mangka kade ulah poho
    bojo teh bawa lalajo

290