Lalajobari pelesir.
tingali sisi basisir
sugan awas tina pasir
alam dunya geura taksir
Geura taksir pangaturan
dadamelanana Pangeran
aya gedong matak heran
luhur pageuh nanakeran
Teu ngaruag teu ngarieg
sakitu eusina uyek
pirang-pirang nu ngalenyek
tapi henteu ngarempeyek
Ya Allah anu ngayuga
ieu alam ngan nyalira
buni langit ge lohaga
eusina mani tohaga
Eusi dunya warna-warni
cahaya panonpoena
sato tatangkalanana
cawisan keur manusana
Manusana maruji sukur
ka Gusti Allah nu ngatur
panganten sing subur mamur
kalayan hirupna jujur
Masing jujur sahaluan
ayeuna Asep duaan
ulah aya pacengkadan
sing bisa silih belaan
Bela pati jiwa raga
dunya katut aheratna
ku Asep kudu dijaga
sangkan Eulis gumbirana
Gumbira nu pangantenan
papatah tamba lumayan
ku Eulis Asep lenyepan
nyawerna tereh wekasan
Nyawer teh turun tumurun
tuturunan ti karuhun
pamugi ulah dikantun
sawer turun hatur nuhun
Sawer hartina panggeuing
papatah geura nyararing
dangding bari ngahariring
pepėling masing areling
Areling urang sadaya
ka Gusti Allah nu mulya
ulah aya panca baya
sadaya mugi waluya
Waluya para wargina
rawuh para pangantenna
gumuruh rasa batinna
sareng hate ka Gustina
Gusti abdi muji nuhun
ngumbara mangtaun-taun
ku bumi alam dilahun
nimat kateda kasuhun
Duh Gusti langkung heman
mugi sadaya sing iman
nya netepan kaislaman
mugi maot mawa iman
Bapa nyawer teh parantos
mung kantun bade wawartos
ka ondangan nu ngarantos
mugi sami pada ngartos
Kaca:Puisi Sawer Bahasa Sunda.djvu/300
Pidangan
Ieu kaca geus divalidasi
291
