Lompat ke isi

Kaca:Puisi Sawer Bahasa Sunda.djvu/301

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
  1. Pada ngartos sadayana
    nu diearioskeunana
    lebetkeun kana manahna
    noropong jalan sampurna

No. : 15
Penggubah : Ustad H. Dimyati; (L)
Tempat : Bogor
  1. Hamdan lillah ’ala dawam
    suma solatu wasalam
    'ala nabiyyi hoiril anam
    wal ali wasohbihil kironi

  2. Salam takdim ka sadava
    para wargi jeung baraya
    para kanea nu marulya
    nu sami di dieu aya

  3. Sim kuring neda paralun
    reh ayeuna kumawantun
    ngadeg ka sadaya mayu»
    bari ngadangdingkeun pantun

  4. Pantun nu mangrupi sawer
    minangka diajar wanter
    ulah ngapyak teuing jawer
    mung pamugi ulah gehger

  5. Nyawer ka nu nembe nikah
    eusina wungkul papatah
    pibekeleun imah-imah
    sangkan runtut tumaninah

  6. Lulus banglus laki rabi
    eara rumali tangga nabi
    jauh ti bahla eoeobi
    deukeut kana rahmat Robbi

  7.  
    Ayeuna urang ngawitan
    mangga geura saraksian
    bilili aya kalepatan
    lereskeun ku para ihwan

  8. Panganten lalaki heula
    heg regepkeun masing rela
    ulah bari ngarasula
    wayahna da moal lila

  9.  
    Ujang ulah gegelendeng
    da nyawer teh tara mindeng
    bet moal sapeuting eampleng
    moal datang ka lalendeng

  10. Anaking eikeneh pisan
    ku Pa Naib dirapalan
    ijab kobul pertikahan
    jeung ngedalkeun patalekan

  11. Ku ayana ijab kobul
    Ujang halal eampur gaul
    jeung istri anu ngejentul
    di gigireun Ujang tungkul

  12. Tah istri teh bojo Ujang
    pibatureun dina ranjang
    jeung batur hirup sakandang
    sakawirang sakasenang

292