Lompat ke isi

Kaca:Puisi Sawer Bahasa Sunda.djvu/302

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
  1. Ti waktu ayeuna pisan
    hidep boga pamajikan
    sarta boga kawajiban
    anu kudu ditohonan

  2. Ujang kudu iklas niat
    pang kawin teh seja toat
    reujeung seja nyiar rahmat
    lain rek ngalajur sahwat

  3. Lamun Ujang lepat angkeuh
    sok gampang laas kadeudeuh
    batan senang kalah riweuh
    akibatna tijalikeuh

  4. Ka bojo hidep sing asih
    rengkak paripolah kudu rintih
    ulah sok resep carigih
    sumawonna mun bibintih

  5. Anaking hidep sing ngarti
    bojo teh amanat Gusti
    heg ku hidep pusti-pusti
    anggap jimat anu sakti

  6. Lamun seug eta amanat
    ku Ujang henteu dirawat
    pinasti hidep kaliwat
    cilaka dunya aherat

  7. Ari peta ngarawatna
    lain ngan ngurus pakera
    teu cukup gede imahna
    nu penting mah agamana

  8. Bojo teh ku Ujang tungtun
    papatahan sarat rukun
    ibadahna sina tekun
    ulah jadi istri buhun

  9. Ka bojo ulah sok ngantep
    disina sakarep-karep
    sapedah bogoh jeung resep
    bisi nyilakakeun hidep

  10. Sabab dawuhan Allah ge
    bojo teh musuh caroge
    mun gnrusna kurang hade
    najan loba mere pake

  11. Inna min ajwajikum
    waabla bikum
    adu walukum
    al ayah

  12. Lamun bojo sok nyerenteng
    sok nyarekan ngagantawang
    eta teh tamaha urang
    lantaran asuhan kurang

  13. Bongan urang sok toledor
    atawa sok nyolowedor
    salingkuh jeung toloheor
    pantes ku bojo ditegor

  14. Coba lamun urang bener
    nyekel papagon nu pangger
    tinangtu bojo ge bageur
    nurut kalawan jalinger

  15. Nu matak mun bojo wera
    Ujang ulah rek nyoara
    mun nembal sok urru-ara
    antukna Ujang nu era

  16. Lamun rumah tangga Ujang
    beres roes herang menerang
    tangtu Ujang anu senang
    mun kusut Ujang nu wirang

293