Hirup jeung bojo sing layeut
kudu silih pikageugeut
ibarat gu!a jeung peueut
amisna mani kareueutImah-imah sing merenah
supaya karasa genah
dina sakur laku Iampah
ulah tinggal musawarahBojo ajakan badami
peta kitu teh utami
teu eara lampah samuni
peta kitu teh teu uniLamun Ujang meunang milik
poma Ujang arek lieik
angguran ka imah balik,
ambeh duaan mutrikrikReujeung kade pisan Ujang
rek boga mata karanjang
teu kaop nempo nu lenjang
sok poho di larang wirangUjang ulafi hayang nyandung
sabab moal matak untung
smalilian sok matak bingung
ahirna matak kaduhungSunajan nyandung teh wenang
lapi saratna teu hampang
teu cukup ku pedah hayang
ulah pedah ioba uangSaratna nyandung teh adil
mun teu adil tangtu jail
nu jail sok tigurawil
jadi baturna idajilSing bisa ngukur ka kujur
sing ngaragap hate batur
napsu ulah sok diabur
kaduhung mah sok ti pungkurUjang singbisa ngalesu
ngenyed pangajakna napsu
bisi eara sato asu
gorengna turun ka ineuNu kudu dipahing pisan
ngadeukeutan palaeuran
laeur liiji kaiakuan
panggedena kajahatanLaeur panggedena dosa
sabab nandasa manusa
kahormatan diperkosa
matak ngaruksak ka bangsaSatuluyna ka anaking
salawasna kudu eling
ulah gampang langlang-lingling
teu kaop manggih kapusingTeu kaopmanggih teu ngeunah
ganeang nibankeun pamasah
ragrag talak terus pisah
peta kitu laku salahUlah sok kejot borosot
ulah sok babari sewot
engke nu susah mah kolot
mertua ge miiu repotRampaan heuia sing pangger
kalawan hate nu teger
sarta pikiran nu seger
ulah gampang kabalinger
Kaca:Puisi Sawer Bahasa Sunda.djvu/303
Pidangan
Ieu kaca geus divalidasi
294
