Iwal mun geus beak dengkak
jalan dami geus ditincak
awet ge kalah ka ruksak
nya kapaksa ragrag talakTalak teh sanajan halal
tapi mun teu aya pasal
anu kaharti ku akal
akibatna henteu halalNganyenyeri popotongan
ku mertua diherengan
ku Pa Naib diseukseukan
ku Allah ge dibenduanUjang ulah eruk-erek kawin
sabab kawin lain ulin
eruk-erek teh ngaruksak batin
iman matak beuki rudinSakitu cukup piwulang
ditujukeun ka si Ujang
tinggal si Nyai nu lenjang
urang sodoran piwejangTi mimiti ieu waktu
Nyai teh jadi minantu
gaduh panutan nu estu
putra mertua nu tangtuGaroge Nyai teh santri
bageur pinter suci ati
keur kasep teh jeung raspati
ka Nyai tangtu mupustiNyai kudu age-age
ngaladenan ka caroge
budi pangrangi sing hade
sing tiasa ngalap hateSi Nyai teh ku umum mah
disebut papatih goah
tukang ngatur tukang ngolah
ngolahkeun di jero imahAri eeuk jaman kiwari
earoge perdana mentri
Nyai mantri dalam negri
nu ngaheuyeuk jero puriRumah tangga bakal subur
mun papatih bisa ngatur
laki rabi matak guyur
upama Nyai teu jujurNyai sing boga duduga
jeung budi anu peryoga
pikeun ngatur rumah tanggi
teu eukup ukur ku lagaMun earoge nyaba jauh
Nyai poma rek salingkuh
karunya caroge ripuh
ngahasUkeun pangabutuhUpama si Akang sumping
angkaribung jangjang-jingjing
geuwat papagkeun sing ginding
sing seungit minvak meledingMun ningal si Nyai endah
earoge tangtuna bungah
poho kaeape kasusah
da imah ge beuki betahCoba mun tas dagdag-digdig
nenjo bojo ruwag-rewig
susu rayud bari rawig
moal teu ngabirigidig
Kaca:Puisi Sawer Bahasa Sunda.djvu/304
Pidangan
Ieu kaca geus divalidasi
295
