Nyai ngaiuis jeung dangdan
ulali keur midang ka jalan
tapi keur earoge pisan
ngarah hatena katawanMim si Akang nuju pusing
anaking wayahna jempling
lamun si Nyai nu rungsing
jejebris mudu dipahingNajan sakumaha ambek
wayalina ku Nyai pengkek
poma Nyai jajak-jejek
atawana hubak-habekDosa lain enleng-enteng
mun Nyai wani ngareheng
ka salaki sasanggereng
ka tatangga jadi gandengDosa lain enteng-enteng
mun Nyai wani ngareheng
ka salaki sasanggereng
ka tatangga jadi gandengDina nalika tiiseun
Nyai ulah sok eieingeun
angguran sing daek leukeun
kupat-kaput juan-jieunNyieun baju ngaput erok
motongan keur baju orok
ulah sok resep ngahekok
da moal nambahan montokNgajaga bilih jeung bisi
Nyai ngabogaanbayi
mun geus sadia mah Nyai
tangtu moal hese deuiJĕung heg sadia bebengkung
bisi kaparengan untung
dipereanten ku Nu Agung
Nyai teh ngajadiindungSi Nyai kudu iatna
mun kapareng jadi erna
najan kaeida bungahna
tepi gede resikonaAnak teh hiji titipan
ti Allah nu Maha Heman
bisa jadi kabungahan
bisa jadi kasusahanMun bener ngasuh jeung ngiirus
tangtu matak jadi mulus
mun asuhan henteu urus
anak sok mawa tigebrusKa anak teh kudu nyaah
ngan kade nyaahna salah
kade anak atah warah
Nyai nu nandangan susahBageurna anak gumantung
kana atikan ti indung
iamun anak bumng palung
indung nu bakal kaduhungGeuning aya hadis resmi
kasauran kangjeng Nabi
yen surga anu utami
handapeun dampalna umiSarengna loba kenah
nu perlu diwulangkeun teh
papatah anu araneh
ngan bisi sawan kolseh
Kaca:Puisi Sawer Bahasa Sunda.djvu/305
Pidangan
Ieu kaca geus divalidasi
296
