Lompat ke isi

Kaca:Puisi Sawer Bahasa Sunda.djvu/306

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
  1. Nyawer urang tutup bae
    muga akibatna sae
    panganten laki awewe
    muga rarapuh harade

  1. Runtut raut salamina
    henteu aya kuciwana
    tebih bahla cilakana
    dunya rawuh aheratna

          No.  : 16
          Penggubah : H.Encep Ahmad Fudoli
          umur  : 45 tahun
          Pekerjaan : Juru sawer dan tani
          Tempat  : Bogor

1. Kalawan maca bismillah
nyebatkeun jenengan Allah
teras maca alhamdulillah
ari puji gaduh Allah
2. Oge salawat sareng salam
mugi ka jungjunan alam
Muhammad haerul anam
wa alihi wa ashabil karam
3. wa bada wa syaean
rek ngahibur panganten
nu wali jeung pernikahan
sugan aya kamangpaatna
4. Dina soal pernikahan
eta teh ngandung urusan
pada gaduh kawajiban
Nyai sareng Ujang pisan
5. Laku lampah nu kacatur
anjeun kedah muji sukur
ibadah ka Robbul Gopur
jeung elmuna anu akur
6. Apalagi urang ayeuna
tos ka kurung ku nikalina
wiat ulah gagabah
perhatikeun saleresna
7. Istri sinareng pameget
kawitna pada geget
silih asih pikameumeut
tebihkeun nu matak raheut
8. Pami urang nuju subur
urang kedah miasukur
urang sing gaduh kapaur
sing sering nguping pitutur
9. Mun dongkap nu matak hambar
karaosna matak keutar
eta urang kedah sabar
ngeker napsu ulah diumbar
10. Sing laer tali aisan
pami aya kalepatan
si Ujang ka pamajikan
lamun ngangeun kapangsitan
11. Oge nyambel kaladaan
sareng masak kasiangan
acuk tacan diseuseuhan
tanapi can kaelusan
297