Lompat ke isi

Kaca:Puisi Sawer Bahasa Sunda.djvu/307

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
  1. Si engkan gsing ageung hapunten
    mun lambe tacan dilipen
    lancingan can dibukakeun
    sinjang teu dilelekekeun

  2.  Ny akitu Nyai ka engkang
    upami seueur kakirang
    masihan berupa uang
    sing sabar ulah kapalang






    Kunasari

  1. Bismillah kecap mimiti
    mimiti muka carita
    ngedalkeun kabungah hate
    mangka caang narawangan
    nyebat asmana nu Agung
    rek nyawer kabiasaan

    Jemplang Karang

  2. Pasini hidep ngajadi
    subaya apan laksana
    kahayang sami kalakon
    cita-cita ti baheula
    niat ngolah rumah tangga
    ngojayan lalakon hirup
    nu pinuh ku kabagjaan

  3. Cep Dodi geus kudu perih
    da geus boga kabeubeurat
    Neng Wiwin gaduh caroge
    ti danget ayeuna pisan
    payunan mangka utama
    sangkan hirup runtut raut
    silih simbeuh pikanyaah

  1. Kedah urang silih maap
    mun lepat pada kagarap
    ngahampura masing siap
    tingkah laku jeung pangucap

  2. Sakitu nu kapihatur
    sakedik rupi pitutur
    Ujang Nyai geura mungkur
    geura bobo dina kasur

No. : 17
Penggubah : Suherman (L)
Pekerjaan : Guru kesenian SD
Tempat : Purwakarta
Jemplang Bangkong
  1. Sabab ari rumah tangga
    rupa enteng tapi bangga, kacida
    rupa bangga tapi gampang
    lamun bisa na ngolahna, ngaturna
    estu pinuh madu wungkul
    pinuh ku nimat rasana
    kabungah jeung kabagjaan
    pikeun nu wijaksana mah

    Ayang-Ayang Gung
  2. Bagea teuing
    bagea nu anyar sum?ing
    nu rek mipit kembang
    sekar ditetelar

  3. Ayang-ayang gung
    ngajugjug ka bale nyungcung
    namplokkeun kaasih
    pasini ngajadi

  4. Andeng-andengan
    runtut raut sauvunan

298