tah kitu harepan
rukun babarengan
Goyong
Bage datang hiap anaking
di karang agreng keur rendengan
hiap duh ka dieu hidep
memeh ka bale nyuncung
ngaitkeun pasini ati
silih tamplokkeun kanyaah
reujeung anak ibu
tandaning rasa kabungah
ciri asih ti sepuh nu rido galih
ku kembang mangle siloka
Neda Agung Sang Rumuhun
neda rido niku Kawasa
neda pangjaring Gusti
Bismillah seja ngawitan
Nun Gusti nu Maha Agung
anu murbeng bumi alam
abdi nyanggakeun pangneda
mugi pun anak sadaya
ginuluran panjang punjung
hirup bagja lahir batin
Kacang kolear miang
lain lantung tambuh laku
(ngajungjung)
lain lentang tanpa beja
teu wasa kaleuleuwihi
ukur miharep pangrido
(Gusti)
bismillah seja ngawitan
|
ngalubarkeun pangbagea
(anggeus)
Muji sukur dumeh bungah
dumeh pun anak rimbitan
ngalakonan sunah nabi
neda pangdu’a sadaya
muga pinarengan bagja
tansah ti pangjaring Gusti
(Agung)
Wa Lengser geura bral miang
(cag bral)
Tapi pik'eun jalma sulit
laki rabi teh rarujit, berewit
taya pisan kamulyaan
teu manggih kasugemaan,
kabagjan
wungkul ditapuk ku rucuk
pinuh diriung kabingung
diiring-iring kapusing
diudag-udag kasusah
Mangka ari kabagjaan
di mana atuh nyampakna, ayana
naha dinu luhur kuta
loba dunya luhur tahta, pangkatna
naha mun nyanding nu geulis
tawa ngagendeng nu kasep
bagja teh atuh di mana
na naon ukuranana
Mungguh ari kabagjaan
nyampak di jero jiwana, tekadna
pikeun jalma anu takwa
nu kandel iman islamna, ihsanna
nampi kani’matan Gusti
boh nu hade boh nu goreng
|