sagala anu tumiba
kersa Allah Taala
Amin ya Robbal alamin
mugi Gusti nangtayungan
No. | : | 18 |
Penggubah | : | K.S. Kostaman (L) |
Umur | : | 51 tahun |
Pekerjaan | : | Redaktur RRI Bandung |
Tempat | : | Bandung |
Paralun nyelan gpiliatur
ka sadaya nu earalik
amit bade nyawer heula
ngeusian tali paranti
nyumponan kabiasaan
nurut galur nini akiDiatur diwangun eatur
dirakit dangding pepeiing
direka babaran basa
ngedaikeun hariring ati
gelaran rasa kanyaah
ka nu anyar jatukramiMalar tinemu rahayu
pinanggih repeh jeung rapih
^nggoning rangkep rimbitan
layeut geugeut silih asih
sing trika sugema ati
ngeunah nyandang
ngeunah nyandingPiwuruk bareng diragum
ka pameget ka nu istri >
dirampidkeun duanana
moal rek diwiji-wiji
supaya singget waktuna
ulah matak kesel calikIstri wajib sujud tuhu
tuhu satia babakti
nyumponan dikaistrian
rikrik gemi ati-ati
miara parejekian
teu nyesa ge asal mahiPameget jatining pageuh
pamatri nu tigin atj
ka garwa kudu satia
ulah mangduakeun pikir
mun garwa aya Juputna
wurukan sing rintih rapihUlah murugul ngaberung
ngajujur sakarep ati
nyumponan kapainegetan
supaya nyiar rejeki
keur napakah rumah tangga
teu jejerih ku kapeurihUlah nguyung ku nu umum
long $ok nyeri ku nu galib
sarerea ge biasa
nyorang bungah jeung kasedih
tara suka salawasna
tara sedih unggal dami