Lompat ke isi

Kaca:Puisi Sawer Bahasa Sunda.djvu/311

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

Ari mungguh jaima tea
ulah rea pisan rek kumaki
harak kapada kaula
reueus menak reueus sugih
mungguhing ka Yang Widi
menak atawana ratu
nu beunghar anu gagah
taya nu dianggap leuwih
nu punjul maJi jalnia suci atina.

Anaking !

Lakuning jalma utama / ucap lampah teu tingal tina wiwaha, Rek ngomong pikiran heula / bisi nyugak matak raheut hate deungeun / rek leumpang ngalengkah heula / bisi ngarempak larangan / rek dahar bismiiah heula / anu halal dihuapkeun / anu haram disieuhkeun / bisi matak kabeureuyan.

Anaking !

Lamun pareng hidep mujur / luhur kuta sugih mukti / sing iatna / mangka kaduga mawana / ngasuh dunya leuwih beurat / ieuwih loba bahayana / batan ngasuh maung galak.

Sing emut / dunya lain agulkeuneun / iain bawaeun takabur / geuning saur sepuh oge / umur ukur gagaduhan / bada ukur sasampiran / kitu deui / pangkat ukur pupulasan.

Nu miskin can puguh hina / nu kaya can puguh mulya / mun hirup keukeuh sarakah / hartina masakat keneh.

Ulah ngeunteung kana miskin jeung beungharna / lamun hidep hayang bagja / teangan di jero hate.

Najan sugih / najan mukti / pacuan hidep kaleuleuwihi / mangka wajar sahinasna / tong ngaronjat roronjatan / sing waspada nepak nepus nguji diri.

Geuning bujangga kahot ngagelarkeun papatah kieu :

bangkong dikongkorong kujang
ka cai kundang cameti
kole di buah banggasa
ulah ngomong memeh leumpang
hirup katungkul ku pati
paeh teu nyaho di mangsa
sing iatna anaking !

Hirup katungkul ku pati / paeh teu nyaho di mangsa / duka isuk / duka sore / dipundut ku Nu Kawasa.

Sing eiing ka geusan mulang / sing rebo bawaeun miang / muliii ka jati mulang ka asal / kebo mulih pakandangan / tong mawa pikaduhungeun.

321