Assalamualaikum wr. wb.
Para sepuh miwah mitra sadayana, jisim kuring ngawakilan ibu rama panganten, neda widi turun kaul / nohonan tali paranti / nyawer panganten sakalih / kilang kitu sanes agul ku panemu / palias jembar panalar / nurut talari sepuh / miwuruk miwejang doang / tutus langkung kepang halang / bobo sapanon carang sapakan, mugia ageung sih haksamL
Anaking I
Asep, Eulis.
Poe ieu hidep direndengkeun / poe ieu hidep jatukrami / poe ieu hidep pileuleuyan /nilar mangsa pancaroba / mangsa hirup sambewara/ mangsa hirup sangeunahna / saresepna,
Sepuh-sepuh kadang wargi /ayeuna riung mungpulung / jajap hidep duaan.
Pindah ka alam sawawa / meuntas laut kahirupan / nu pinuh ku tanggung jawab.
Bral.....!
Anaking / geura miang / beber layar tarik jangkar / singgumati nya ngamudi / toweksa kana padoman / masing tapis nguntit angin / mangka tabah mapag lambak / muga-muga hidep rahayu wibawa mukti / balabuh di peuntas ditu / hanjat di nusa kabagjaan.
Tapi poma sing iatna / mungguhing di laut tea / bahaya sakuliahna, diintip ku hujan angin / didodoho hiu galak / mangsana sagara wera / lambak teu aya hampura,
Kitu pisan perlambang hirup di dunya / ngumbara di alam rame pirang-pirang gogodana / sing dalu diburu-buru ku napsii / lamun urang leumpeuh yuni / henteu pangger dina bener / moal boa / parahu geusan balayar nu diwangun poe ieu / kandas di tengah sagara / karem kateureuy ku lambak.
Tapi / ulah seber ti memehna / ulah reuwas ku wangwangan / mun tapis ngawiwik diri / awas ngariksa salira / insya Allah hidep salamet nepi kapeuntas ditu.
Pibekeleun hirup kumbuh / keur di dapur / tegesna di runtah tangga / teu anggeus ku paribasa, dahar seubeuh pake pageuh / nu penting mah runtut raut / geureuhna sareng earoge.
Dina geusan campur jeung batur / pon nya kitu / henteu anggeus dapon wawuh / kudu bisa ngarangangan hate deungeun .....
Jimat hirup nu utama / taya lian / HADE TEKAD / HADE UCAP / HADE LAMPAH / jauhan pikiran hasud harak kariniah singkahkeun / mangka leah / mangka lillah / usuk malik teu jauh ti rido AUoh,
Dangukeun piwuruk sepuh, piwejang bujangga luhung :{rh|320}}