nu aya dipapajangan
sarawuh di pakalangan
neda agung nya paralun
neda panjang nya hampura
ka luhur ka Sang Rumuhun
ka handap ka Sang Baiara
ka Batara ka Batari
ka Batara Nagaraja
ka Guruputra Hiyangbayu
Seuweu ratu nu diumut
seuweu menak nu disembah
diuinut ka para ratu
disembah ka pada menak
apsari eukeurna leutik
apsari eukeurna budak
tibang jaya karantenan
nangtung dina kuwung-kuwung
mapay dina teja mentrang
mipir kana katumbiri
nyukang kana kilat panjang
nyeleket ka panonpoe
muntang ka jukut palias
mangkana hejo wilulang
badfe kaimpungan bujang
tanggal bulan panyiraman
badan panyiramaif badan
turun ti marga rahayu
nya datang ti marga padang
al^m padang poe panjang
tunjmig nagara sampurna
nagaraning sesembahan
aei-aeining sawarga
mangkana nagara cahya
kang baka maring nabina
yakti bakti maring pangeran
ulah rfck mujuk nu jauh
ulah rek neang nu anggang
sasaran pangeusi raga
mangka patitis jisimna
|
mangka waluya jasadna
banyoan ku panenda
inandian reujeung susuei
ngabakti reujeungna muji
inangka eling ulah lali
mangka padang ulah poho
mangka awas ulah pegat
kirim kuring buah manggis
liiji dua tilu-lilu
kaopat gula gumantel
payung tilu nungku-nungku
payung opat ngedap-ngedap
payung genep dahren-nguren
payung dalapan ngajajar
payung sariga daunna
lamun ti eai sekar keusik
lamun ti darat sekar manjah
lamun ti leuweung sekar dangdeur
lamun li iembur sekar randu
sekar bingbin salumpirna
sekar ngenge majarane
sekar kalapa sintungan
sekar pinang kamayangan
beas beureum beas hideung
beas bodas jadi bengras
baeu bangkeut meujeuh dijungjung ku ibu
meujeuh disangga ku rama
titihan emok ibuna
emok sila ti ramana
mangkana hejo laiakon
mangkana rambay earita
paralente bisa nyaur
eapetang ngaji aksara
hade goreng dipisaur
belot bener diandelkeun
nitihna di poe keniis
medal di poe jumaah
disuhun ku nu rahayu
|