Lompat ke isi

Kaca:Puisi Sawer Bahasa Sunda.djvu/315

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
    Candana
  1. Mun kongang mah tadi peuting
    hayang metik dua bentang
    bakating nyaha ka hidep.
    lambang asih Ema Bapa
    langgeng tur tanpa wangenan
    hamo rek luntur ku usum
    moal rek laas ku jaman

    Budak Ceurik
  1. Duh anaking
    eling-eling mangka eling
    rarabi teh gawe luhur
    lain gawe dianggap gampang
    pancen suci ti Yang Agung
    teu bisa dioake ulin

  2. Karinding kumaha suling
    suling welang calung wulung
    saung angklung ti Galunggung
    beurang peuting mangka eling
    napsu nu mangprung ngaberung
    temahna matak kaduhung

  3. Bagja pisan mulya pisan
    nu mulus laki rabina
    rumah tangga nu lugina
    jadi dasar nu utama

    Jemplang Titi
  1. Mataholang hirup kumbuh
    eunteungna téh laki rabi
    anu nyangking kaadilan
    taya rasa untung rugi
    taya basa eleh meunang
    sapäpaït saramanis

    Kinanti Ligar
  1. Runtut raut rempug jukung
    silih asuh silih asih
    sukuran dina keur bagja
    soleh mun pinanggih sisip
    tumarima kana kadar
    takwa inam ka Ilahi
    Gusti nu Maha Asih

    Papatep
  1. Pamungkas panutup catur
    ka Allah nyembahkeun sukur
    ngadepkeun raga jeung ukma
    neda rahmat hidayah-Na


No.   : 31
Penggubah : ON
Sumber  : Pusaka Sunda
no 8/IV Agustus
1926: 123 -124
Bentuk  : Papantunan

    Pun ampun amit ampun
    ka nu kagungan lembur
    amit ka nu kagungan bumi

    tabe ka nu kagungan bale
    maap ka juraganana
    nu calik jadi candoli

317