Lompat ke isi

Kaca:Puisi Sawer Bahasa Sunda.djvu/316

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
  1. Teu kaop manggih teu ngeunah
    gancang nibankeun pamasah
    ragrag talak terus pisah
    peta kitu laku salah

  2. Ulah sok kejot borosot
    ulah sok babari sewot
    ngke nu susah mah kolot
    mertua ge milu repot

  3. Rampaan heula sing pangger
    kalawan hate nu teger
    sarta pikiran nu seger
    ,ulah gampang kabalinger

  4. Iwal mun geus beak dengkak
    jalan dami geus ditincak
    awet ge kalah ka ruksak
    nya kapaksa ragrag talak

  5. Talak teh sanajan halal
    tapi mun teu aya asal
    anu kaharti ku akal
    akibatna henteu halal

      No. : 30
      Nama : Etty Agus (P)
      tempat : Cianjur

    Papatet
  1. Bismillah purwaning catur
    ka Yang Agung sujud sukur
    neda rahmat ti Yang widi
    neda rahayuning Gusti

  2. Roh kudus mumbul ka luhur
    ka Allah neda papayung
    ka Pangeran neda suka
    ka Gusti nya neda widi
    rek nutur galur kapungkur
    mapay laratan baheuia
    nukil warti nu bihari
    mepeling nu jatukrami

    Rajamantri
  1. Ka sadaya jaler istri
    muga jembar panganipura
    sih haksama
    seja miwulang panganten
    malah mandar mawa bagja
    Pinanggih rido Pangeran
    Maha Suci
    Rarabina panjang-punjung
    sarimbagan sauyunan
    silih asih pikaheman

    Candrawulan
  1. Ujang Nyai he anaking
    Ema Apa rek balaka
    jentreng kacapina hate
    sereset keset pangrasa
    kemprang gambang kasukaan
    gung goong pangrungrum kalbu
    bungah teh tanpa wangenan

316