Coba lamun urang bener
nyekel papagon nu pangger
tinangtu bojo ge bageur
nurut kalawan jalingeur
Nu matak mun bojo wera
Ujang ulah rek nyoara
mun nembal sok uru-ara
antukna Ujang nu era
Lamun rumah tangga Ujang
beres repeh herang menerang
tangtu Ujang anu senang
mun kusut Ujang nu wirang
Ujang jeung bojo sing layeut
layeut silih pikageugeut
dalit lir gula jeung peueut
rasana mani kareueut
Imah-imah sing merenah
supaya karasa genah
dina sakur laku lampah
ulah tinggal musawarah
Bojo ajakan badami
peta kitu teh utami
teu cara lampah samuni
peta kitu mah teu uni
Lamun Ujang meunang miiik
poma Ujang ulah licik
angguran ka imah balik
ambeh duaan mutrikrik
Reujeung kade pisan Ujang
rek boga mata karanjang
teu kaop nenjo nu lenjang
sok poho dilara wirang
|
Ujang ulah hayang nyandung
sabab moal matak untung
malahan sok matak bingung
ahirna matak kaduhung
Sanajan nyandung teh wenang
tapi saratna teu hampang
teu cukup ku pedah hayang
ulah pedah loba uang
Saratna nyandung teh adil
mun teu adil tangtu jail
nu jail sok tigurawil
jadi baturna idajil
Sing bisa ngukur ka kujur
sing ngaragap hate batur
napsu ulah sok diabur
kaduhung mah sok ti pungkur
Ujang sing bisa ngalesu
ngenyed pangajakna napsu
bisi cara sato asu
gorengna turun ka ineu
Nu kudu dipahing pisan
ngadeukeutan palacuran
lacur hiji kalakuan
panggedena kajahatan
Lacur panggedena dosa
sabab nandasa manusa
kahormatan diperkosa
malak ngaruksak ka bangsa
Satuluyna ku anaking
salawasna kudu eling
ulah gampang langlang-lingling
teu kaop manggih kapusing
|