IJjang ulah gegelendeng
bet moal sapeuting campleng
moal datang ka lalendeng
da nyawer teh tara mindeng
Anaking cikeneh pisan
ku pa Naib dirapalan
ijab kabul pertikahan
jeung ngedalkeun patelekan
Ku ayana ijab kabul
Ujang lialal campur gaul
jeung istri anu ngajentul
di gigireun Ujang tungkul
Tah istri teh bojo Ujang
pibatureun dina ranjang
jeung batur hirup sakandang
sakawirang sakasenang
Ti waktu ayeuna pisan
hidep boga pamajikan
sarta boga kawajiban
anu kudu ditohonan
Ujang kudu ihlas niat
pang kawin teh seja toat
reujeung seja nyiar tohmat
lain rek ngalajur sahwat
Lamun Ujang lepar angkeuh
sok gampang laas kadeudeuh
batan senang kalah riweuh
akibatna ti jalikeuh
Ka bojo hidep sing asih
rengkak polah kudu rintih
ulah sok resep cirigih
sutnawonna mun babantah
|
Anaking hidep sing ngarti
bojo teh amanat Gusti
heg ku hidep pusti-pusti
anggap jimat anu sakti
Lamun seug eta amanat
ku Ujang henteu dirawat
pinasti hidep kawalat
cilaka dunya aherat
Ari peta ngarawatna
lain ngan ngurus pakena
teu cukup ku gede imahna
nu penting mah agamana
Bojo teh ku Ujang tungtun
papatahan sarat rukun
ibadahna sina tekun
ulah jadi istri buhun
Ka bojo ulah sok ngantep
disina sakarep-karep
sapedah bogoh jeung resep
bisi nyilakakeun hidep
Sabab dawuhan Alloh ge
bojo teh musuh teh caroge
mun ngurusna kurang hade
najan loba mere pake
Lamun bojo sok nyarantang
sok nyarekan ngagantawang
eta teh tamaha urang
lantaran asuhan kurang
Bongan urang sok taledor
atawa sok nyolowedor
salingkuh jeung toloheor
pantes ku bojo ditegor
|