Lompat ke isi

Kaca:Puisi Sawer Bahasa Sunda.djvu/319

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
  1. Agus putra Ama Ibu
    mangga nyanggakeun si geulis
    budak can loba kabisa
    ulah bosen nya ngageuing
    ka jalan kautamaan
    anu dipirido Gusti

  2. Kawajiban Raden luhur
    ayeuna jadi pamingpin
    tanggung jawab ka Pangeran
    na lahirna rawuh batin.
    bagjana jeung cilakana
    eta pasrah ka anaking

  3. Istri pandang batur hirup
    hate urang sing ngahiji
    ka darat jadi salebak
    ka cai jadi saleuwi
    sagala babadamian
    entong salingkuh ka istri

  4. Sakitu Bapa miwuruk
    entong panjang nya digurit
    pondok ge aya gunana
    sok mun bener dipiati
    mugi-mugi ka Pangeran
    kersa ngaping siang wengi

No. : 29
Penggubah : Jasria (L)
Umur : 50 tahun
Pekerjaan : tani
Tempat : Serang
  1. Hamdan lillah aladdawam
    suma solatu wassalam
    alannabi hoeril anam
    wa uli wasohbil kirom

  2. Salam tadini ka sadaya
    para wargi jeung sadaya
    para kanca nu marulya
    nu sami di dieu aya

  3. Sim kuring neda paralun
    reh ayeuna kumawantun
    ngadeg ka sadaya mayun
    bari ngadangdingkeun pantun

  4. Pantun nu mangrupi sawer
    minangka diajar wanter
    ulah rigeplek teuing jawer
    mung pamugi ulah gehger

  5. Nyawer ka nu nembe nikah
    eusina wungkul papatah
    pibekeleun imah-imah
    sangkan runtut tumaninah

  6. Lulus banglus laki rabi
    cara mmah tangga Nabi
    jauh ti bahla cocobi
    deukeut kana rohmat Robbi

  7. Ayeuna urang ngawitan
    mangga geura saraksian
    bilih aya kalepatan
    lereskeun ku para ihwan

  8. Panganten lalaki heula
    heg regepkeun masing rela
    ulah bari ngarasula
    wayahna da moal lila