Dandanggula
Pangapunten neda pangaksami
neda jembar kalanggengan manah
ngababar bobot pangayon
nyuwun lunturing kalbu
mugi kersa masihan widi
Seja nyelang nyawer heula
nutur galur buhun
cacandran ti para moyang
susugananjadi bibit hirup hurip
ngalap karahayuan
Enden Eulis jeung raka sarimbit
ieu Bapa nampi kahormatan
estu matak bungah hate
ngawakilan tuang Ibu
rawuh rama sakulawargi
miwuruk sakadarna
kagegelan sepuh
mugia keresa nampi
tungkus tingkes simpen dina jero ati
sangsangkeun na pangrasa
Geura tungtik marganing raspati
geura teang na alam sareat
ulah kajajaten ku lemek
ulah ukur catur bukur
geura ulik masin gkaharti
kudu pedar ku lampah
wujudkeun ku kalbu
nyebat maripat ku tata
|
tetes tandes netepan beuki sajati
malar kawilujengan
Kidung
Nu geulis panganten istri
regepkeun masing taliti
Eulis teh nepi ka pasti
kenging rahmat ti Jeng Gusti
pek rawat sing ati-ati
sing jadi istri sajati
Panyurup lakuning hirup
ngaran istri nu sajati
ka caroge masing hikmat
nya ngabakti beurang peuting
istri diwajibkeun taat
ti lahir dumugi batin
Laku lampah sing saluyu
sing tapis ngurus salaki
ieu teh bibitna cinta
aya saiah silih geuing
ku jalan babadamian
make basa anu surti
Kudu kukuh rawuh timpuh
masing hade nya pamilih
laku lampah paripolali
hate soleh sing katolih
sing pageuh kana panyegah
bisi kasasar nya lampah
|