Sarat utami nu perlu
perlu dieatet na ati
ati tenang nyanghareupan
nyanghareupan rupi-rupi
rupi-rupi ombak jaman
jaman nu pinuh cocobi
Sopan santun kedah jungjung
upamina Enung nguping
nguping wartos teu merenah
yen caroge jalir jangji
ulah sok enggal guguan
bilih pitnah ti nu sirik
Ramah tamah anu payus
disarengan ati suci
resep di bumi bebetah
matak resep nu ningali
caroge teu weleh nyaah
tekad nyeleweng teh tebih
lstri anu tukang ngatur
ngatur dina rejeki
ngeureut neundeun sing tiasa
mun saeutik kedah mahi
seueur komo kedah
seueur komo kedah nyesa
kitu teh istri binangkit
Ka Asep anu miwuruk
kumaha ngabingbing istri
istri teh sipatna lemah
babarian turun tangis
komo mun caroge bedang
salira sok kuru kering
|
Asep kedah budi luhur
bijaksana ngaping istri
ramah tamah sasauran
pami kalepatan istri
wurukan sing bijaksana
sareng ageung pangaksami
Rijki nu jadi lulugu
Asep kedah suci murni
salingkuh kedah tebihan
kedah bruk-brak sareng istri
pasti Iuyu rumah tangga
salamina repeh-rapih
Kalihna deui miwuruk
ka sepuh ulah sok lali
kedah tetep ngahormatna
supados rido ti Gusti
dina lebet rumah tangga
gampil milari rejeki
Pibekeleun hidep hirup
hirup-hurip laki rabi
laki rabi sabeungkeutan
henteu rek pahiri-hiri
liiji tawis kabagjaan
sugih mukti lahir batin
Miweling pamungkas catur
catur paneda nu ahir
muga aya kabagjaan
kabagjaan lahir batin
muga Gusti nangtayungan
amin ya Robbal alamin
|