Bur ginulur tawur rebu
tawur keneringna ti Nabi
mawat Nabi Sulaeman
sugihna dina walagri
beungharna dina waluya
enggoning nataran diri
Bur ginulur koneng hurung
lir balebat Dayang Sumbi
Lambang temen tinemenan
geus bisa nyingraykeun peuting
geus bisa mukakeun beurang
sangkan salamet nya diri
Da hirup maniawa tangtung
da lahir mamawa diri
sing belejag sing jugala
hirup dibarung ku hurip
sing bisa nyangkal buana
sora handaru ka iangit
|
Saur Rasuluilah estu
rejeki mah terus puhit
kawas arek hirup lana
tapina kudu sabanding
jeung ibadah nu tong pegat
sing kawas ajal rek tepi
Tah kitu lamun dicrukcruk
eusi sawer teh anaking
lain ngan saukur beas
jeung koneng anu disiksik
ditambah ku rupa uang
tapi silib ngajak surti
Tegesna hirup sing cukup
ngakal ngakeul eta misti
ngakal sing bisa usalia
ngakeul hartina teh milik
keur hirup hidep duaan
dina jero laki rabi
|