sungkan tebih saeutik
kahayang terusngariung
alim tebih papisah
sono bogoh hamo laas salilana
Lamun istri humandeuar
renghak-renghik rada rungsing
enggal ku Asep caketan
renghikna teh ngandung harti
pameget kedah surti
da istri mah larnun gandrung
teu wani terus terang
batan wakea kajeun ceurik
ambek nyedek murang-maring
teu kantenan
Ayeuna dongkap waktosna
mepelingan anu geulis
ka caroge kedah ramah
sing jadi istri sajati
satia suci ati
ulah rek sumput salindung
salingkuh jeung minteran
sanaos dibuni-buni
awal ahir rusiah tangtos kabuka
Kedah sabar tur tawekal
kana rijki kedan apik.
omat ulah roroyalan
gumeulis hayang kapuji
|
naha-nahapkeun diri
ulah rek gede timburu
mitenah goreng sangka
tadah-tuduh tanpa bukti
balukarna rumah tangga baruntakan
Xedah rintih asak sasar
sangkan hirup repeh-rapih
mun caroge datang nyaba
papagkeun ku budi manis
kitu laku pinuji
tawisna istri satuhu
lamun raka tos palay
ulahjongjon nongton tivi
enggal bujeng bilih hoyong dipeuseulan
Dangdanggula
Mugi paramitra luntur galih
kersa ngiring ngarojong ku do’a
sipados ieu panganten
salamet panjang-punjung
panjang yuswa parek rejeki
bagja dunya aherat
rahayu marulus
pinareng rahmat kurnia
amin, amin, amin ya Robbul
alamin
dikabul sapaneda
|