Sawer mangrupi piwuruk
ka ieu dua sajodji
anu nembe diakadan
ngikrarkeun jangji pasini
numutkeun hukum agama
nu ngeunaan laki rabi
Hidep parantos ngadahup
ngadahup ngajadi hiji
babarengan rumah tangga
paturay ti kadang wargi
sapu nyere pegat simpay
macakal hirup mandiri
Omat kudu runtuṭ rukun
ka cai jadi saleuwi
ka darat jadi salebak
sakanyeri sakapeurih
sabagja sacilaka
sapupait samamanis
Ulah rek ngalajur napsu
pipisahan napsi-napsi
pagirang-girang tampian
rijki saeutik sing mahi
loba kudu bisa nyesa
sangkan tengtrem repeh-rapih
Kudu suhud nungtut elmu
kudu rajin nyungsi harti
kudu rosa nyiar harta
tapi omat kudu eling
ulah hirup kajongjonan
lali kana purwa daksi
Ulah sombong gede hulu
mun dipareng gede milik
sugih mukti luhur pangkat
lubak-libuk loba rijki
|
pacuan rek belang bayah
sirik pidik ka nu leutik
Kudu tungkul kana jukut
ngalirik nasib nu leutik
kudu tanggah ka sadapan
malar maju nyaring pikir
motekar daek ihtiar
sangkan bagja sugih muti
Kudu nulung ka nu butuh
gumati ka pakir miskin
kudu nalang ka nu susah
hirup Gusti waras abdi
someah nyaah ka semah
ramah tamah welas asih
Ulah ngantun rukun sujud
ibadah nyembah ka Gusti
di dunya ukur ngumbara
hirup katungkul ku pati
maot teu nyaho di mangsa
titis tulis ti ajali
Sinom
Husus kanggo pamegetna
ka istri kedah gumati
kedah sabar tur tawekal
mun istri kurang pangarti
kedah tiasa ngatik
kedah diasuh diwuruk
ulah getas harupat
sangkan istri beuki asih
batan bosen kalah nambahan
duriat
Sok henteu kaop paturay
nguyung lir boga kanyeri
tuang leueut teu mirasa
nineung ka pupujan ati
|