Hirup hurip matanggalang
lauk laut mere silib
awakna teu katepaan
sanajan caina asin
mandiri dina pribadi
henteu kairid ku batur
mangpaat keur nu lian
jadi pamungpungan asih
lalakonna tiis ceuli herang mata
Dangdanggula
Para sepuh miwah wargi-wargi
ngan sakadar mere tuduh jalan
ngajurung ku du’a bae
jalan sampurna hirup
muga catet dina ati
bapa tangkal darajat
indung mah rahayu
eling ka asal tadina
dibarengan bakti sumujud ka
Gusti
kun payakun jadina
Jalan hirup dina laki rabi
ngembat-ngembat engeus narawangan
muga sing panjang lalakon
|
Ya Alloh nu Maha Agung
muga waluya walagri
ilang halangan harungan
hirup runtut rukun
Gusti nu nangtayungan
muga panggih tawekal wibawa
mukti
salamet dunya aherat
Kidung
Cunduk dikidungan waktu
geura pek geura sayagi
beber layar jait jangkar
ngambah samudra rarabi
bapa jeung ema nu jajap
gugupay sisi basisir
Siloka sawer karuhun
kunir diawur ku kunir
beas diawur ku beas
duit diawur ku duit
moal kurang sandang pangan
pibekeleun laki rabi
Rahayu anu rendengan
rahayu lahir jeung batin
|