No. : 24
Nama : Nina K. Sopandi (P)
Umur : 22 tahun
Pekerjaan : Juru sawer
Tempat : Bandung
Kidung
Puji sukur ka Yang Agung
Gusti ami Maha Suei
nu uninga saniskara
neda widi neda ilham
seja ngueapkeun kanyaah
ka anak titipan Gusti
Neda pangjurung kasuhun
berkahna ti alam gaib
muga ngiring nangtayungan
amit ka anu sarumping
bade nyelang nyawer heula
hohonan tali paranti
Jemplang Eangkong
Sawer du’a jeung pangjurung
karodo kadeudeuh indung
(nu ngandung)
pangyuga kanyaah bapa
hidep ayeuna rendengan
(rendengan)
kudrat iradatna Alloh
Bapa suka liwat saking
Ema cacap nya kabungah
ginuluran rahmat Gusti
Kanyaah taya anggeusna
paneda taya kendatna (Ku asih)
kamelang tetep ayana
najan hidep geus rendengan
(ku deudeuh)
Nya hidep panyambung galur
|
nya hidep panyilir getih
lunjaran manjang turunan
pamatri tatali rabi
Jempang Serang
Laki rabi teh mandiri
sagala kuma sorangan
hidep teh masing rancage
sadar sabar jeung tawekal
ihtiar keur modalna
repeh-rapih reujeung batur
sumawon urang jeung urang
Teangan pituduh yakin
sungsi sajatining sembah
hidep ulah weleh-weleh
masing kapanggih rasana
baea awak sorangan
paluruh jangkarna hirup
paneerna Maiia Kawasa
Sinom
Ngambah jagat pawenangan
saingkig nepikeun harti
salengkah nepakeun luang
ajirna diri pribadi
Masing reugreug lahir batin
masing ajeg laur tangtung
babakan kamanusan
kudu ngarti jeung kaharti
masing bisa nepungkeun aing
jeung urang
|