No. : 23
Penggubah : Tati Mulyati (P)
Umur : 35 tahun
Pekerjaan : Juru sawér/Angg DPU
Tempat : Bandung
Ninggang mangsa nu utama
nitih wimei nu mustan
pasang subaya iaksana
jangji pasini ngajadi
biidzni ilahi robbi
Ujang jeung Nyai ngadahup
eeungeeum tineung duaan
petetan pamageuh asih
ngajanggelek jadi tahta rumah
tangga
Nyai ti wangkid ayeuna
sanes inurangkaiili deui
nu gumamung ka apingan
EmaJi tan Bapa sakalih
Nyai geus mandiri
Bapa jeung Emahjurnurung
bial Nyai jeung panutan
pangdunga sepuh ngabanding
mungguh hukutn Nyai jeung
Emah paturay
Leupas lepas amanat Yang Widi
ti pananangan Emah kalih Bapa
ti awit getih satetes
tug aka salambar rambut
kalungguhan ingkah barobih
Nyai muga sing terang
mungguh jalan hirup
paselang mudun jeung nanjak
bagentenan bungauh jeung sedih
prihatin
anaking pileuleuyan
|
Cisoea di gaJeuli asih
jajap ka hidep duaan
mihape eepil jeung panon
hayangendah titingalan
hayang halon kukupingan
dareuda pangjurung laku
beber layar tarik jangkar
Anaking Ujang jeung Nyai
tuh paneka kahuripan
pek sorang montong sabongbrong
bekelna irnan jeung ihsan
takwa ka Allah Taala
anaking sing lulus banglus
ngudag karido Pangeran
Pamungkas ka sadaya
para sepuh kadangwarga
neda jiad pangdu'ana
ka Pangeran nu Kawasa
mugi pun anak nu dua
ginanjar rahmat Mantenna
Amin ya robbal alamin
mugi Alloh nyubadanan
|