Teu aya gunung pitulung
teu aya gudang rejeki
nu moal aya bedana
lian ti Gusli Yang Widi
mana ulah dijauhan
malah sing nepi ka dalit
|
Cekapkeun bae sakitu
mugia hidep anaking
panjang-punjung panjang yuswa
jauh baiila parek rejeki
ginanjar kawilujengan
amin va robbal alamin
|
No. : 19
Penggubah : Iim Ibrahim (L)
Umur : 42 tahun
Pekerjaan : Peg. negri
Tempat : Bandung
Amit-amit nawaetu
seja nepikeun hariring
haleuang lambang katresnan
keur hidep jimat anaking
ti nu jadi indung bapa
mangga dumadi anaking
La ilaha Illallohu
anu Maha Tunggal Gusti
jembar dadamelanana
eusi bumi eusi langit
kaasup nya hidep pisan
salira deudeuh anaking
Anu wening anu arum
anu herang dumalingding
nya hidep geus boga jangjang
kiwari rek nedel bumi
sampiung ka papantunan
papantunan nu anaking
Arek nyusul alak paul
kahuripan lahir batin
rek neang benteang sulintang
udageun satungtung nyaring
|
pipiteun hidep duaan
ageman hidep anaking
Najurung ka nu lumaku
ngajaring ka nu rek indit
jgajurung dumeh niatna
ngajaring ku dumeh asih
kedalna mangrupa du'a
waluya hidep anaking
Sing wawuh ka tungtung ingsun
sing dalit ka sanubari
satangtung jeung ki sorangan
sadiri jeung ki awaking
ulah arek sisirangan
paeuan deudeuh anaking
Sakitu pamuga eukup
teu eukup tambahan deui
ditambahan ku sorangan
ku tapak laeak pribadi
peguneman padungdengan
jeung diri hidep anaking
Amin ya robbal alamin
mugi Gusti nangtayungan
|