Ieu kaca geus divalidasi
No. 20
Penggubah : Diding Riswandi (L)
Umur : 30 tahun
Pekerjaan : Juru sawer/Karyawan DPU
Tempat : Bandung
Asmarandana
1. Nitih wanei nu mustari
- ninggang ’mangsa nu utama
- Nunung jeung Deddy ngajodo
- lain jodo ti nu lian
- estu kaliayang sorangan
- kalawan pangjurung laku
- ti dua pihakanana
2. Lalakon Nunung jeung Deddy
- ti danget ayeuna pisan
- geus robah ti nu bareto
- ean maneat alam sawawa
- ngantunkeun alam rumaja
- ku tanggung jawab kajurung
- na wangunan rumah tangga
Sinom
3. Tuhpaneka kahirupan
- hareupeun hidep sakalih
- kudu dilampah diambah
- taliti jeung ati-ati
- lumaku tartib taliti
- kalawan rido Yang Agung
- modalna anu utama
- nu tilu bisa saluyu
- ajeg guna kahadean
- hade basa hade budi
- iman ihsan eta sagala-galana
- ringkes keeap panjang harti
- iman ihsan padoman hidep duaan
4. Iman sing teges percaya
- yen sakabeh nu kumelip
- taya binana ti wayang
- ilisan hartina ngan liiji
- lampah ueap jeung ati
5. Pamungkas ka nu araya
- ka sadaya kadang wargi
- disuhunkeun leah manah
- kanggo pun anak sakalih
- pangdu’a ti ati wening
- muga mangka panjang punjung
- kenging rohmat jeung sapaat
- salamet lahir jeung batin
- disaren&an ku aosan alfatihah
No. : 21
Penggubah : Ida Widawati (P)
Umur : 26 tahun
Pekerjaan : Juru sawer
Tempat : Bandung
302