Sinom
Nu nyora nya lelembutan
nu usik nya eusi batin
kanyaah ibu jeung rama
ka diri hidep anaking
dina wanei nu mustari
mangsa hidep nawaetu
seja awit mitembeyan
niat hirup laki rabi
muga-muga hidep sing bisa
nampanaYeuh geulis anaking
tangkai nyawa kembang soea
hidep dirahmat Yang Manon
kenging jodo ti Pangeran
beunang mupakat duaan
kajurung pangdu'a sepuh
salamet geus dirapalanIbu ka hidep meredih
hidep sing sabar tawekal
dibarengan manah soleh
dina ngolah rumah tangga
mangkade sing sauyunan
poma tong ngalajur napsu
nu matkk ruksak saliraSing apik ngajaga diri
tina gogoda raneana
beurang peuting ulah meleng
neneda ka Nu Kawasa
sangkan rumah tangga urang
pinarengan lulus.mulus
tebih tina pancabayaMungguh rumah tangga tangtu
lir kapal jero jaladri
garwa minangka Iayarna
earoge lir juru mudi
di lautan satujuan
sapapait samamanisGuguru ka lauk laut
sanajan eaina asin
awakna teu katepaan
mandiri dina pribadi
mangpaat keur anu lian
jadi pamungpungan asihLamun rumah tangga runtut
silih asih beurang peuting
sawarga pindah ka dunya
genah ngahenang ngahening
hirup pamanggih sugema
laki rabi suka atiMangka ajeg laur tangtung
masing reugreug lahir batin
ngambahjagad pawenangan
saingkig nepikeun harti
salengkah nepikeun luang
ajirna diri pribadiDiruhun pangjurung indung
diaping pangjaring batin
dirumat pangyuga bapa
dikemitan ku kaasih
disimpay renghap kanyaah
ditimang diayun ambing